Contoh Pidato Perpisahan Bahasa Sunda (Biantara)

Bismillahirrohmanirrohiim,
            Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh.
            Langkung tipayun, mangga urang sami-sami nyanggakeun puji katut sukur ka Gusti Anu Maha Suci, rehna dina dinten ieu urang tiasa ngariung enggoning nungkulan acara paturay tineung. Solawat miwah salam mugia angger ngocor ka kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, ka sahabatna, katut muslimin sareng muslimat sadayana.
            Hadirin anu sami-sami rawuh, utamina Bapa Kapala Sakola miwah Ibu sareng Bapa Guru anu ku sim kuring dipihormat,
            Dina waktos ieu, sim kuring kedah sasanggem minangka wawakil ti sakumna murid kelas IX anu bade ngantunkeun SMP Negeri 1 Cisolok. Ku margi kitu, sateuacan ngadugikeun eusi hate dina ieu biantara, sim kuring bade nyuhunkeun heula dihapunten, utamina pisan mah ka rerencangan anu bade ngantunkeun ieu sakola, bilih bae pisanggem sim kuring teh kirang saluyu sareng harepan sadayana.
            Kanca-kanca siswa kelas IX,
            Alhamdulillah , urang tos tiasa lulus ti ieu sakola. Sareatna lulusna urang teh ku margi aya tarekah anu enya-enya dina waktosna mayunan ujian. Cacak pami urang lalawora dina diajar, pamohalan bakal tiasa ngahontal hasil anu nyugemakeun. Tadi oge tos kakuping  yen siswa ti ieu sakola lulus saratus persen. Tangtosna oge hal ieu teh mangrupa hiji prestasi anu ku urang kedah ditampi kalayan rasa sukur.
            Ku parantos tiasa lulusna ti ieu sakola, sim kuring minangka wawakil ti sakumna siswa kelas IX anu parantos lulus, seja ngahaturkeun nuhun ka Ibu sareng Bapa Guru, kitu deui ka Bapa Kapala Sakola. Ieu kedaling nuhun teh taya sanes ku margi Ibu katut Bapa sadaya parantos kahesean ku sim kuring saparakanca. Dina salebet tilu taun campleng, Ibu sareng Bapa parantos ngatik sareng namplokkeun elmu pangaweruh, dugi ka katerang sim kuring sadaya janten ngalegaan. Anu parantos katampi teh sanes mung elmu pangaweruh wungkul, tapi deuih aya hal-hal sanes anu teu kinten pentingna, nyaeta kanyaah, bingbingan, panuyun, panggeuing, sareng tauladan. Naon-naon anu ditataan nembe teh bakal janten bekel kanggo sim kuring saparakanca enggoning mayunan kahirupan sareng ngudag cita-cita.
            Eta kasaean Ibu sareng Bapa teh hamo kaukur ageungna. Duka nya kedah kumaha sim kuring saparakanca mulang tarimana. Hal eta mah bade disanggakeun wae ka Alloh SWT kanggo ngaganjarna, pamugi sing janten amal shaleh anu pahalana teras-terasan ngocor tug dugi ka jaga. Aamiin.
            Ibu miwah Bapa anu ku sim kuring dipihormat,
            Dina salebet tilu taun sim kuring saparakanca sakola di dieu, tangtos pisan sering midamel kalepatan. Rupina aya ti antawis Ibu sareng Bapa anu dugi ka ngaraos jengkel, keuheul, sareng bendu margi ningali atanapi ngadangu murid anu teu taat kana aturan, bangor, lalawora dina diajar, sareng apilain kana nasehat katut papatah. Malih deuih teu mustahil aya Ibu sareng Bapa anu kagungan anggapan murid-muridna culangung sareng wangkelang dugi ka ahirna mah kapaksa nibankeun hukuman sakola. Ku seueurna kalepatan anu nembe ditaatan, sim kuring saparakanca nyuhunkeun ditawakup. Pamugi Ibu sareng Bapa luntur galih, kersa ngahapunteun sim kuring sadaya. Teu kasawang bakal kumaha ageung sareng abotna dosa sim kuring, pami Ibu sareng Bapa teu kersa ngahapunten.
            Sawangsulna deuih, pami tea mah aya sakedik kalepatan Ibu sareng Bapa, kalayan ikhlas ku sim kuring bade dilubarkeun. Sarengna deuih sim kuring yakin, pami tea mah kalepatan Ibu sareng Bapa, eta teh sanes dihaja.
            Ku parantos sililubarkeunana dosa, sim kuring saparakanca ngantunkeun ieu sakola teh bakal caang bulan opat welas, henteu ngabantun uneg-uneg, sareng teu ngaraos dibeung-beuratan ku kalepatan. Saupami sim kuring teu acan tiasa kitu, tangtos dina lelengkah pileuleuyan dina ieu sakola teh bakal seuer kahariwang sareng karempan, atuh langkung tebihna bakal ngaraos seueur gangguan enggoning ngudag cita-cita.
            Ibu miwah Bapa anu dipihormat,
            Dina ieu kasempatan, teu hilap deuih sim kuring nyuhunkeun pidungana ti Ibu sareng ti Bapa, pamugi lengkah sim kuring saparakanca ka payunna sing tiasa lungsur-langsar sareng aya dina rido Gusti Anu Maha Suci.
            Minangka pamungkasna, sim kuring hoyong sasanggem ka Adi-adi kelas VIII sareng kelas VII.  Sami deuih anu hoyong dikedalkeun teh nyuhunkeun hapunten sareng dungana. Pamugi Adi-adi kersa ngahapunten kalepatan sim kuring saparakanca. Ari margina, salebet reureujeungan di ieu sakola teh tangtosna oge seueuer kaluluputan sareng kalelepatan. Sareng deuih pamugi Adi-adi sambung dunga, sangkan lanceuk-lanceuk hidep anu baris miang ti ieu sakola hasil pamaksudan. Kitu deui lanceuk-lanceuk hidep bakal sambung dunga, mudah-mudahan Adi-adi aya dina kalancaran tur mampuh ningkatkeun prestasi sakola urang.
            Sakitu wae anu tiasa kapihatur. Hapunten upami aya basa nu kirang merenah, anu kirang raos kadanguna ku sadayana.
            Wabillahi taufik wal hidayah,

            Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Komentar

  1. Baccarat - the top of the Baccarat table - Wayne's
    Bet on Baccarat 메리트카지노 with Wayne's Gaming Online! The table is high yielding and is open 바카라 사이트 to every player in all levels of the casino. 1xbet korean

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

Ras Kaukasoid

Karangan Eksposisi (Karya : Siti Nurfadhila)